LirikLagu Kawih Mang Koko. kiwari urang ditepangkeun deui. cacapkeun meungpeun aya kasempetan. ati banglas. boa moal mulih deui. boa rungkad jeung akarna. asih téh teuing ku wening. urang tataran ku karep jeung pangharepan. bagja deukeut patémbongan. MangKoko. Published: Kamis, 20 Januari 2011. Koko Koswara, biasa dipanggil Mang Koko, (lahir di Indihiang, Tasikmalaya, 10 April 1917 - meninggal di Bandung, 4 Oktober 1985 pada umur 68 tahun) adalah seorang seniman Sunda. Ayahnya Ibrahim alias Sumarta, masih keturunan Sultan Banten (Sultan Hasanuddin). GUPAY LEMBUR" Cipt. Mang Koko & Nano S. >>>>>Intro<<<<< Gupay-gupay panineungan Kiwari némbongan deui Basa rék ninggalkeun lembur ieuh Rék miang tolabul ilmi geuning Kacipta Ema jeung Bapa Gupay cash. Audio Player Title Mang Koko-KEMBANG TANJUNG Source Kos Warnika Duration 0657 Lyrics / Lirik Tembang Sunda Anaking jimat awaking Basa ema mulung tanjung rebun-rebun Dipakarangan nu reumis keneh Harita keur kakandungan ku hidep Geus opat tahu ka tukang Ema nyipta mulung bentang Nu marurag peuting tadi Bentang seungit ditiiran pangangguran Anaking jimat awaking Basa ema mulung tanjung reujeung hidep Bet henteu sangka, aya nu dating Ti gunung rek ngabejakeun bapa hidep Nu opat poe teu mulang ngepung gunung Pager bitis Cenah tiwas peuting tadi Layonna keur kadieukeun, dipulangkan Harita waktu layonna geus dating Ema ceurik ieuh balilihan Ras ka hidep ieuh na kandungan Utun inji budak yatim, deudeuh teuing Harita waktu layon geus di gotong Ema inget ieuh kana tanjung Dikalungkeun na pasaran Kembang asih panganggeusan ieuh ti duaan Anaking jimat awaking Lamun ema mulung tanjung reujeung hidep Kasuat-suat nya pipikiran Tapina kedalna ngan ku hariring Hariring eling ku eling Kana tanjung nu dipulung Eh kembang tanjung Nu nyengitan pakarangan Nu nyengitan hate urang, panineungan Kawih Mang Koko, is a term used for song lyrics written by Koko Koswara[1], a musician from West Java. Angkrék Japati[edit] Mang KoKo Angkrék japati na cangkring keur karembangan sisi wahangan barodas kareta api geus datang sinyar geus muka reg di stoplas Cibodas gupay-gupay anaking gupay-gupay digupaykeun ku manéhna reumbay-reumbay anaking reumbayna nginjeum cipanon ti manehna. ekang Bulan Teh Langlayangan Peuting[edit] [Bulan téh langlayangan peuting nu ditatar dipulut ku tali gaib entong salempang mun kuring miang ditatar ti Tatar Sunda dipulut nya balik deui ka dieu ieuh, masing percaya.] x 2 [Bedil geus dipéloran granat geus disoréndang ieu kuring arék miang jeung pasukan Siliwangi ka Jogja hijrah taat paréntah.] x 2 [Bulan téh langlayangan tineung nu ngoleang dipulut ku angin gaib entong salempang mun kuring anggang kapirarai tanah Sunda kacipta mun balik enung mapagkeun ieuh, di dora lembur.] x 2 [Bedil geus dipéloran granat geus disoréndang ieu kuring arék miang jeung pasukan nusaati ka wétan muru bijil balebat.] x 2 Dina Jandela[edit] Tina jandéla urang silih gupayan lemu paneuteup deudeuh jeung geugeut neuteup eunteub tara nu nyora simpé henteu nyarita ngukir ciptaan tresna jeung asih marengan Lir nu keur ngimpi, lir nu keur ngimpi gambar lamunan naon geuning nu teu katepi. lir nu disirep, lir nu disirep geter katineung reureuh geuning, rep. Tina jandéla urang silih kiceupan imut kareueut raga katresnaan padeukeut langit keur lenglang jauh tina kamelang urang jadikeun galeuh pasini lawungkeun. Hareupeun Kaca[edit] Hareupeun kaca ngajanteng salila-lila roman alum gurat duka atra narémbongan hareupeun kaca sagala nu karandapan lalakon katukang-tukang nungtut narémbongan. Reueuk rumeuk dina eunteung semu keueung semu nineung jiwa awaking nyarita jiga nu nganaha-naha duh ieung geuning jiga nu nganaha-naha. Béjakeun deudeuh, bejakeun rumasa geus katalimbeng. Hariring Nu Kungsi Nyanding[edit] Purnama nu kungsi leungit ayeuna nganjang ka buruan deui anu kungsi kapiati kiwari urang ditepangkeun deui Hariring nu kungsi nyanding ayeuna datang ngahaleuang deui hayu pataréma tineung cacapkeun meungpeung aya kasempetan Ayeuna mangsa nu éndah hayu urang suka bungah caang bulan opat belas narawangan haté bangbras Ayeuna mangsa nu éndah hayu urang suka bungah caang bulan opat belas narawangan ati bangblas Imut Malati[edit] Imut malati wengi tadi geuningan patepang deui nu kapiati ti kapungkur jungjunan dianti-anti Ti Gunung Putri sareng saha salira lungsur ka landeuh lagu kamari ngagalindeng lalakon gending kadeudeuh Najan sakedap jorélat tunjung balébat éstu mo hilap karaos matak tibelat ku henteu terang mulihna ku henteu terang mulihna eeh, naha iraha. Najan mung imut saulas sakilat ilang tansah kairut hanjakal teu sering tepang ku henteu terang léosna ku henteu terang léosna eeh, geuning kamana. Kembang Impian[edit] Antara lolongkrang kiceup urang pateuteup bulan pias enteupna lalangsé kayas kaca jandéla nu muka kaca katresna nu muka peuting téh teuing ku jempling asih téh teuing ku wening Pangharepan lir laut nu jero teu katepi ku sora panggero urang teuleuman ku geter deudeuh duaan urang tataran ku karep jeung pangharepan. Tong teuing ngedalkeun lisan urang guneman na ciptaan bagja deukeut patémbongan geter ti ati ka ati hiber jadina pasini saranggeuy kembang impian sungkemeun kana lamunan. Kembang Tanjung Panineungan[edit] Anaking jimat awaking basa ema mulung tanjung rebun-rebun di pakarangan nu reumis kénéh harita keur kakandungan ku hidep geus opat taun katukang ema nyipta mulung béntang nu marurag peuting tadi béntang seungit ditiiran pangangguran. Anaking jimat awaking basa ema mulung tanjung rebun-rebun bet henteu sangka aya nu datang ti gunung rék ngabéjakeun bapa hidep nu opat poé teu mulang ngepung gunung pager bitis cenah tiwas peuting tadi layonna keur ka dieukeun, dipulangkeun. Harita waktu layonna geus datang ema ceurik ieuh, balilihan ras ka hidep ieuh na kandungan utun inji budak yatim deudeuh teuing harita waktu layon geus digotong ema inget ieu kana tanjung dikalungkeun 'na pasaran kembang asih panganggeusan ieuh, ti duaan Anaking jimat awaking lamun ema mulung tanjung reujeung hidep kasuat-suat nya pipikiran tapina kedalna téh ku hariring hariring éling ku éling kana tanjung nu dipulung éh, kembang tanjung nu nyeungitan pakarangan nu nyeungitan haté urang, panineungan Longkéwang[edit] [Baheula mun pareng nganjang suguhna imut nyi lanjang asih nu nganteur harepan pasini na kasadrahan.] x 2 Mmmh, deudeuh teuing na peuting héab naraka aya nyawa milar raga bébéné mulang ti heula bébéné mulang ti heula. Mmmh, deudeuh teuing na peuting hujan cimata aya waruga palastra jajaka raheut haténa jajaka raheut haténa. [Ayeuna mun pareng nganjang nu témbong ukur kalangkang mega mendung na jajantung lagu liwung na bangbarung.] x 2 .. lagu liwung na bangbarung. Malati di Gunung Guntur[edit] Malati di Gunung Guntur seungitna sungkeman ati bodas sésétraning asa jadina dina mumunggang leuweung larangan. Malati di Gunung Guntur hanjakal henteu dipetik béja geus aya nu boga ngahaja melak di dinya para guriang. Ayeuna kuring geus jauh malati sosoca gunung boa geus aya nu metik duka kusaha. Kamari jol aya beja malati ratna mumunggang majar can aya nu metik duka kunaon. Malati di Gunung Guntur ligar dina panineungan, na panineungan na saha nu baris metik kuring mah da puguh jauh biheung kadongkang. Purnama Urang Nu Boga[edit] Hibar deui purnama, hibar na ati nyanding kembang malati nu kapiati aya asih sumérén dina lahunan aya deudeuh gumulung jero tangtungan urang teang, enung, poé isuk bulan sumedang wangi urang seuseut, enung, asih suci ari sumujud sari pangaji Gelar deui lalakon, gelar ayeuna nyampak lagu wirahma deudeuh kameumeut taman éndah dicipta tempat ngabungbang tepung teuteup duaan bunder kageugeut langit béngbras, euis, bulan pinuh ngagenyas sutra kadéwan angin lamping, eulis, ngelus laun ari haréwos béja kiriman Hayu enung patémbongan paheut jangji panganténan, geuning hayu enung patémbongan paheut jangji panganténan purnama urang nu boga ari purnama urang nu nampa. Sagagang Kembang Ros[edit] Sagagang kembang ros tawis pangbakti ka diri sulur waléh ti jungjunan, ieung asih nu wening. Runtuyan haréwos jangji pasini katampi moal weléh mikahéman, ieuh asih nu wening. Sarining kembang jatining asih jadi angkeuhan, duh urang duaan. Ngaca pangharepan panteng kayakinan na dasaring ati urang duaan. Sagagang kembang ros tawis pangbakti ka diri sulur waléh ti jungjunan, ieung asih nu wening. Salam Manis[edit] Ieu salam manis manis salam kuring nya ieu pisan nu salawasna nyanding nyaring ngahariring Ieu salam manis manis salam kuring nya ieu pisan nu salilana nganteng anteng kapitineung Datangkeun kuring deukeutkeun deukeutkeun kuring raketkeun duh, dunungan datangkeun kuring deukeutkeun deukeutkeun kuring raketkeun Salempay Sutra[edit] Salempay sutra disulam jeung dikarawang tawis soca ti jungjunan, duh.. ti jungjunan. Salempay sutra disulam mangrupa kembang tawis asih ti kakasih, duh.. ti kakasih. Ngaraketkeun hubungan batin duaan mupus waswas jeung cangcaya di juruna disulam ngaran singgetan ngaran kuring jeung manéhna. Salempay sutra disulam jeung dikarawang tawis soca ti jungjunan, duh.. ti jungjunan. Hiji tawis soca duh salempay sutra jadi jimat pangreugreug ati disulam narawang duh salempay sutra geuning nyidem harepan. Salempay sutra disulam mangrupa kembang tawis asih ti kakasih, duh.. ti kakasih. Samoja[edit] Kedalna asih na bulan pinuh mamanis hiji jangji pasini na rasmining wanci mangsa samoja jongjon kembangan duh eulis, langit lénglang angin rintih dina ati, aduh. Lalakon lawas na bulan pinuh katineung aya jangji pasini nu henteu ngajadi mangsa samoja geus ngarangrangan duh ieung, langit angkeub samagaha dina haté, duh. Ayeuna kantun waasna, jungjunan lalakon ka tukang ditéang ngan ku ciptaan kamari nu pamit, kamari nu pamit datang deui na kalangkang. Ayeuna tinggal ngangresna, jungjunan lalakon nu pegat disambung ngan ku ciptaan kamari nu leungit, kamari nu leungit rék lebeng mo deui datang. Sariak Layung[edit] Sariak layung di gunung iber pasini patepung lawung teuteup jauh ngawangwang nu dipigandrung eeh, ngawangwang nu dipigandrung, aduh Haréndong meuhpeuy harideung jalan satapak rarambu leuweung kumalangpang ronghéap nu kapitineung eeh, ronghéap nu kapitineung, duuh Surya surup layung hibar ka tanjakan sawangan diumbar geus ngolébat, ieuh, samar-samar hariring asihna kapireung ngalalar Angin tiis ti mumunggang katitipan haréwos kamelang tawis deudeuh, ieuh, nu maranti sungkeman kahéman saranggeuy malati. Wengi Énjing Tepang Deui[edit] Disimbutan ku halimun diaping ku indung peuting lalaunan ngalayangna sukma ninggalkeun jasmani emh, aduh, sukma ninggalkeun jasmani ngalayang ka awang-awang rét nepangan ka nu tebih nepungan ka urang gunung malati di pinggir pasir kakara pisan ligarna kapendakna tacan lami katuruban dangdaunan kahempi ka nagara sari. Kembang diburu dirungrum sawengi henteu kapanggih patapan henteu kalanglang raraosan mah sawarsih emh, aduh, raraosan mah sawarsih hawar-hawar sora hayam ciri parantos janari nu nyumput téh humarurung teungteuingeun milik diri harianeun teuing kadar misahkeun anu keur asih kembang nganggo dihalangan ditundung ku indung peuting. Gunung geus aya di pungkur indit haté mah murilit duh, indit haté mah murilit. Miang gé da sumoréang Parangtritis kapiati aduh enung pileuleuyan wengi énjing tepang deui, duh, aduh, wengi énjing tepang deui. References[edit] ↑ Posted by Eka Ikhsanudin on MUSIK, PENDIDIKAN, VIDEO On Minggu, November 05, 2017 Assalamu'alaikum Warahmatullahi Hari ini adalah Lagu Sunda Karatagan Pahlawan yang diciptakan Oleh Bapak Koko Koswara Mang Koko dan masih tentang Menyambut Hari Pahlawan 10 November 2017. Sebetulnya sudah banyak yang Share Lirik Lagu Sunda Karatagan Pahlawan atau Lagu Teu Honcewang ini, baik di Blog, Website maupun di Youtube. Tapi untuk referensi di Blog Belajar dan Berbagi ini saya cari-cari belum pernah posting ternyata hehehe. Jadi saya ikutan posting juga sebagai arsip pribadi. Kalau lupa kan tinggal buka Blog sendiri hihihi. Kalau sobat suka lagu-lagu Sunda silahkan beli kaset atau CD/VCD nya yang asli yah. Di bawah postingan Lagu Sunda Karatagan Pahlawan ini saya sertakan Link download mp3 baik versi Pop Sunda maupun Versi Musik Degung nya. Kalau ada salah atau kurang dalam penulisan Lirik Lagu Karatagan Pahlawan mohon diperbaiki dan di kasih tahu lewat kolom komentar yah sobat. LIRIK LAGU SUNDA KARATAGAN PAHLAWAN Ciptaan H. Koko Koswara Mang Koko TEU HONCEWANG, SUMOREANG TEKADNA PAHLAWAN BANGSA CADU MUNDUR, PANTRANG MULANG MUN MAKSUD TACAN LAKSANA BERJUANG KEUR, LEMAH CAI LALI RABI TUR TEGA PATI TAYA BASA MENTA PAMULANG TARIMA IKHLAS, RIDO, KEUR KORBAN MERDEKA SINATRIA, DANALAGA BELA BANGSA JEUNG NAGARA DIBARENGAN, TEKAD SUCI BERJUANG KEUR LEMAH CAI TEU NGINGETKEUN, KA DIRINA ASAL NAGRI BANGSA WALUYA KADAR JEMBAR RAHARJA MUKTI WIBAWA GEMBLENG TUJUAN PAHLAWAN BANGSA Jangan lupa kunjungi juga 1. Lagu Sunda Sabilulungan 2. Pesan-Pesan / Kata -Kata Mutiara Dari Pahlawan Nasional 3. Tips Liburan Biar Nyaman 4. Lirik Lagu Wajib BelajarDemikian postingan pagi hari ini tentang Lagu Sunda Karatagan Pahlawan yang diciptakan Oleh Bapak Koko Koswara Mang Koko semoga bermanfaat. Selamat berliburan bersama keluarga, jangan lupa berdoa dan periksa kendaraan anda sebelum bepergian serta hati-hati dijalan. Mohon maaf atas segala kekurangan dan kekhilafan. Wassalamu'alaikum Warahmatullahi Wabarakatuh. EKA IKHSANUDINSelamat Datang di Blog Pribadi Saya Belajar dan Berbagi. Salam Persahabatan dan Salam Lestari Buana Nusantara dari Karawang, Jawa Barat, Me Google Facebook Twitter Instagram Youtube Terimakasih Sobat, telah berkunjung dan membaca artikel mengenai

lirik lagu sunda mang koko